Ceramah

Teu aya deui kalimat nu saé diucapkeunana, malihan tiasa disebat dzikir, turta kénging pahala ti Alloh swt. nalika urang ngucapkeunana. Iwal ti kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه
. (Sadaya puji éta kagungan Alloh swt).

أل (Alif Lam) nu aya dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه miturut ahli bahasa atanapi ulama nahwu éta kalebet أَِلفٌ لاَمٌ لِلْجِنْسِ (Alif Lam Lil Jinsi) hartosna, nuduhkeun kana “jinis”. Maksudna, yén tiap pujian sacara rinci éta téh hak Alloh swt.

Bisa ogé éta أل (Alif Lam) téh kaasup kana أَِلفٌ
لاَمٌ
إِسْتِغْرَاقٌ (Alif Lam Istighrok) hartosna, “Nu ngumpulkeun tur nu nyéépkeun sagala bentuk pujian”. Maksudna, yén sagala puji sacara global atanapi nu sagemblengna, éta sadayana hak Alloh swt. nu hamo bisa dipibanda ku hiji hamba.

Ogé أل (Alif Lam) dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه bisa disebut أَِلفٌ
لاَمٌ
عهدية (Alif Lam Ahdiyyah) anu nuduhkeun kana ayana “keterbatasan pujian”.

Alloh swt. tos uninga kana kalemahan hamba-hambana dina raraga muji syukur tur nyampurnakeun Tahmid atanapi pujian ka Manten-Na. Kusabab kitu, Alloh swt. ku Anjeun muji kana Dzat-Na, saméméh sakur makhluk muji ka Anjeunna. Tegesna kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh minangka mujina Alloh swt. ku Anjeun kana ka-Agung-an Dzat-Na nyalira. Anapon kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه nu diucapkeun ku makhluk utamina manusa, éta ngandung arti, hiji ucapan nu mangrupakeun pujian ka Dzat nu dipuji nyatana Alloh swt. kalayan Sifat-Na Nu Tetep tur Nu Maha Sampurna. Tur éta téh minangka keterbatasan pujian makhluk utamana manusa, dina raraga muji ka Alloh swt. bari ngayakinkeun yén ngucapkeun أَلْحَمْدُلِلَّه téh ngarupakeun salah sahiji bentuk atanapi bagian integral tina syukur kana sakabéh nikmat anu nyumber tur ngamuara ti Manten-Na. Alloh ‘swt.. وَمَا
بِكُمْ
مِنْ
نِّعْمَةٍ
فَمِنَ الله.

Jadi, syukur téh dilakukeun ku lisan, haté jeung perbuatan. Ngucapkeun kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه salah sahiji bentuk syukuran ngaliwatan lisan.

Mun seug pirajeuneun urang ngétang-ngétang kana ni’mat-ni’mat pamaparin ti Alloh swt., pasti moal kaétang. Sabab, nikmat Alloh swt. kacida seueurna. Tur ieu téh ngarupakeun tanda-tanda kakawasaan Manten-Na, وَإِنْ تَعُدُّوْا
نِعْمَةَ اللهِ لاَ تُخْصُوْهَا. Tapi, sanés hartosna urang ulah ngétang-ngétang kana nikmat pamaparin ti Alloh swt. Wajib diétang. Naon sabab ?, sabab, lamun seueur ngétang-ngétang kana nikmat nu tos dipaparinkeun ku Alloh swt. béh dieuna bakal tumuwuh rasa rumasa, béh dituna bakal boga rasa tumarima, lamun geus tumuwuh rasa tumarima, maka bakal timbul kasadaran.

Sadar kana naon ?

Sadar, kana naon-naon anu dipimilik jeung naon nu dipibanda éta téh sadayana kagungan Alloh swt. Kadituna, geus pasti bakal ati-ati dina ngagunakeun jeung ngamanfaatkeun turta dina ngagunakeunana éta kanikmatan téh bakal saluyu reujeung nu maparin éta kanikmatan nyatana Alloh swt., Tah nu kitu, nu di sebut syukur tea.

Miturut Miftahudin Al-Mohammadi ibnul-Qushtoniyyah, dina kitabna “Risalatul-Fatihah” ngauningakeun, yén Kalimat حَمْدُ dina kalmat أَلْحَمْدُلِلَّه mibanda tilu harti:

Nu kahiji, nyaéta: “Ats-Tsana’a Ma’at-Ta’dziim” hartosna “Pujian dibarengan ku ayana pang-agungan atanapi panghurmatan”. Tegesna, “Muji Alloh swt. bari ngagungkeun Manten-Na”. muji kana naon ? muji kana sagala nikmat nu tos dipaparinkeun ka sakumna makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat, terutama manusa. Ngagungkeun didieu, bisa dilaksanakeun ku cara urang ngagunakeun éta kanikmatan téh pikeun sarana atanapi alat dina raraga urang melak tangkal kaimanan supaya jadi buah kata’atan. Tegesna, ngalaksanakeun sagala kawajiban nu tos di-fardhu-keun ku Alloh swt. ditambih ngalaksankakeun kasunahan-kasunahan ti Rasul-Na Rosululloh Muhammad saw. tur ninggalkeun kana sagala hal nu dilarang ku Manten-Na. Ari tujuanna, supaya nikmat nu tos dipaparin téh jadi tambih saluyu reujeung jangji Alloh swt. “Mun seug maranéh kabéh syukur kana sagala nikmat ti Kami (saur Alloh) maka Kami bakal nambahan éta nikmat, tapi sabalikna mun seug Maranéh kabéh teu syukur tegesna kufur kana sagala nikmat ti Kami, maka Tanwandé Kami bakal nibanan siksa anu kacida peurihna. لإَِنْ شَكَرْتُمْ لأََزِيْدَنَّكُمْ وَلإَِنْ كَفْرتُمْ إِنَّّّّّّّ عَذَابِيْ لَشَدِيْد. Malihan dina Hadits Qudsy-mah alloh mertélakeun:

 

“Sing saha jalma anu teu shabar kana balai nu datang ti Kami, tur teu syukur kana nikmat-nikmat Kami, maka geura prak téangan pangéran salian ti Kami”. (Al-Hadits)

 

Nu kadua, Kalimat حَمْدُ dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh mibanda harti, أَلثَّنَاءُ
اْلكَامِلُ (Ats-Tsana’ul-Kaamil) hartosna “Pujian Nu sampurna”. Maksudna, puji nu sampurna anging hak Alloh swt.. ku sabab tadi téa, أل (Alif Lam) dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh bisa disebut ألف لام إستغراق (Alif Lam Istighrok) hartosna, nu nyéépkeun sagala bentuk pujian. Tegesna, yén sagala pujian sacara global atanapi nu sagemblengna éta sadayana hak Alloh swt. Nu matak Rosul Akhiruz-Zaman dinamian ku nami Muhammad saw. sabab, Muhammad téh, ngandung harti “Kacida Pinuji” pinuji dina naon ? “Pinuji dina sagala tingkah sareng paripolah”.. hal ieu, ngandung maksud, yén Alloh swt. seja mintonkeun kasampurnaan Dzat-Na dina bentuk Sifat sareng ‘Af’al-Na ngalangkungan diri Rosululloh Muhammad saw. Sakumaha Dawuhana-Na dina Al-Qur’an surat Al-Qolam ayat 4:

 

وَإِنَّّّكَ لَعَلَّى خُلُقٍ
عَظِيْمٌ (Saéstuna di diri anjeun téh Muhammad kacangking Akhlak anu agung).

Nu katilu, Kalimat حَمْدُ dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh, mibanda arti:أَلثَّنَاءُ بِالْجَمِيْلِ (Ats-Tsana’a bil Jamil) hartosna “Muji kana kahadéan”. Muji, sami sareng henteu nyawad, henteu ngagogoréng, henteu inkar kana nikmat nu tos di paparinkeun ku Alloh swt.. sahingga henteu digunakeun éta kanikmatan téh kana ma’shiyat sareng kamunkaran. Kusabab sakitu, nyawad, atanapi ngagogoréng éta bakal ngarusak kana pujian, sedengkeun inkar atanapi kufur bakal ngarusak kana syukur.

Hadirin anu mulya !

Salajengna ل (Lam) dina kalimat لِلَّهِ nuduhkeun kana makna milik atapi لاَمٌ لِلْمِلْكِ (Lam Li-Milki). Ku kituna, pujian nu ditimbulkeun ku rasa syukur kana saniskara nikmat nu tos dipaparinkeun ku Alloh swt. nu dikedalkeun ngaliwatan lisan manusa ku kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه wungkul ditujukeun ka Alloh swt. Sabab miturut para Mufassir, yén kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه éta ka asup “Jumlah Khobariyah” atanapi “Kalimat Béja” nu ngandung makna أَلْحَمْدُلِلَّه “Amar” atanapi “Paréntah” pikeun muji ka Alloh swt.

Sakumaha sasauranna Imam Ibn Abbas R.A.:


َلْحَمْدُللهِ
كَلِمَةٌ
تَدُلُّ
عَلَى
الشُّكْرِ (“Yén kalimat Al-Hamdulillah téh kalimat anu nuduhkeun kana Syukur”).

Jadi, Tahmid atanapi ngalisankeun kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه kalebet kana Dzikir personal individual atanapi dzikir pribadi nu hukumna wajib diucapkeun ku satiap jalma nu ariman.

Anapon hakékat tina urang ngucapkeun kalimat Tahmid nyatana أَلْحَمْدُلِلَّه . téh, nyaéta sagala perbuatan atanapi tingkah sareng paripolah nu nuduhkeun kana pangagungan ka Alloh swt. minangka Dzat nu maparin kanikmatan. Kalayan dibuktikeun ku kayakinan haté, yén kasampurnaan sareng sagala nu aya nu dipibanda hasil tina usaha di alam dunya, éta hakékatnamah kabéh milik Alloh swt. dituluykeun ku lisan ku ngalisankeun Dzikir ku kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه , kadituna, tuluy ngagunakeun sareng ngamanfaatkeun éta kanikmatan téh kalayan dibuktikeun ku aktifitas, atanapi amaliyah-amaliyah anggaota badan anu saluyu tur dipikaridho ku Manten-Na. Nyatana ngumpulkeun amal sholéh, ngalaksanakeun kata’atan ninggalkeun kama’shiyatan, nancebkeun tangkal syukur nuar tangkal kufur, ngalobakeun ibadah ninggalkeun kalakuan nu salah. Mun urang geus kagok migawé ma’shiyat gancang geura ganjel ku tobat. Nu kitu syukur mungguh syaré’at.

 

Wallohu A’lam Bish-Showaab.

Mugia urang kalebet jalmi-jalmi nu salamina tiasa syukur kana sagala nikmat ti Alloh swt..

 

Anggapan sadidinten yen nikmat teh ‘kesenangan’ ngabalukarkeun jalmi moal tiasa sukuran upami dipasihan sesah. kumaha bade muji sukur nganuhunkeun…nu kaalaman sesah…he he he (sacara normal pasti jalmi kufur=nolak…susah kok harus sukuran/harusnya intropeksi/usul/mohon ampun). sabar ge sesah da jalmi teh saladar yen ieu kasesah mah sanes kanikmatan…..he he he. bade kumaha sagla teh mangrupi puji….??

 

Namung hartos asal tina ni’mat teh ‘nambah’….kumaha sikep ulama dina masihan atikan yen sagala rupi nu dipasihkeun ku Allah teh nambah pangalaman dina/tapak hirup…susah senang mah: susah margi tos biasa senang; senang tos pernah ngalaman susah….mun tos maot nembe moal tambah deui da tos dugi ka TITIK

About RA Miftahul falah

Membangun Negeri dengan membina generasi islami
This entry was posted in Uncategorized. Bookmark the permalink.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s